Selasa, 01 November 2011

da'wahan

السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته

بسم الله الرّحمن الرّحيم الحمدلله الذي ارسل رسوله بالهدى ودين الحق ليظهره على الدين كله ولوكره الكافرون اشهدان لااله الا الله وحده لا شريك له واشهد ان سيدنا محمداعبده ورسوله اللهم صل على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه اجمعين اما بعد

Puja anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka gusti ‘Azza Wajalla, anu parantos ngadamel alam dunya jeung eusi-eusina katut manusia, anu sapertos mang Jafra, anu kasepna kabina-bina, saperti tukang nangka, anu lir ibarat mutiara, anu turun ka alam dunya, kawas bidadara, anu henteu aya duana.

Atuh puji anu janten panghias ati urang sanggakeun kanu maha suci, anu parantos ngadamel langit sareng bumi, di darat atanapi di cai, saperti neng Suci anu gelisna kawanti-wanti, anu henteu aya nyaingi, anu saperti bidadari anu turun ti surgawi kanggo para santri, tapi lain kunti ih… ih… ih…

Atuh teu hilap sholawat sareng salamna urang limpahkeun ka baginda alam, revolusi Islam sedunia, pendobrak kebathilan dan kemungkaran, pembawa umat Islam dari jaman jahiliyah nuju kana jaman ilmiyah, tina jaman onta nuju kana jaman toyota, Yakni Habibana Wanabiyana Muhammad saw. Atuh teu hilap ka kulawargina atanapi The Big Familyna, sareng Shohabat-shohabatna, Tabi’in Ata’ Tabi’inna tur dugikeun ka urang sadayana anu turut ka mantenna. Sareng mudah-mudahan urang sadayana sing diangken umat kanjeng nabi, anu matak ngabageakeun kanjeng nabi lain umat anu matak ngisinkeun kanjeng nabi. Amin………

Almukarom, para kiayi, para ustadz, para ajengan, para sesepuh, mugia ku Allah dipanjangkeun umuna diberkahkeun rizkina di sehatkeun jasmani sareng rohanina Amiin. . Teu hilap ka aparatur pemerintahan wabil khusus ka bapak bupati anu amis budi tur bageur ati.

Dina kasempetan anu mulia ieu, urang sadayana tiasa bermuwajahah sareng anu ngangge kopeah, ngariung sareng anu ngangge tiung, pa amprok jonghok sareng anu ngangge anderok, patepang sareng anu ngangge sinjang, lurat-leret sareng anu ngangge kampret, tur tiasa ningali anteng ka payun sareng mubaligoh mudahan –mudahan kenging rohmat sareng magfiroh Alloh Amiiin.

Kalawan takdir sareng pangawasa dinu maha agung, izin dinu maha kawasa, sareng widi dinu maha mulya dina danget ieu urang sadayana tiasa ngariung mungpulung hempak merbayaksa, anceg pageuh tur istiqomah seja milari ridhona pangeran ku jalan milari elmu, anu insa Allah dina kasempatan ieu simkuring bade nyarioskeun sakeudik tentang sangkut paut anu patula-patali sareng DINTEN ‘IDIL ADHA :

Hidirin Rohimakumulloh….

DINTEN ‘IDIL ADHA mangrupakeun dinteun anu terjadi dina bulan Dzil Hijjah nyaeta bulan ka-12 dina taun Hijriyah, sasih pamungkas atanapi panungtung atanapi terakhir dina taun islam, dina ieu sasih Alloh SWT, marentah ka jalmi islam ngalaksanakeun mangrupa-rupa ibadah anu khusus kanggo nutup buku taun akhir ku amal perbuatan anu alus, anu mampuh sareung tinemu kana syaratna urang diparentah ku Alloh SWT, dina ieu sasih the ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh ngalaksanakeun rukun islam anu kalima, sanajan saumur hirup sakali.

Dina dinten ieu kaom muslimin sajagat buana tamplok ti suklak sikluk tepis wiring saalam dunya sanajan beda bangsa jeung bahasa budaya jeung warna kulit, status sosial jeung beda politik tapi dibeungkeut ku hiji aqidah agama dibimbing ku hiji Rosul, ngamalkeun hiji kitab suci, ibadah ka pangeran nu maha nunggal Alloh Robbul ‘Alamin, kumpul di mekkah di padang arafah, di mina, di mujdalifah, taqdis, tahmid, takbir, jeung talbiyah, nyambut ondangan pangeran nyaeta ngalaksanakeun ibadah haji, Hikmahna sangkan muslimin boga sarasa, sapenderitaan, ulah aing-aingan tapi kudu sakumaha dauhan pangeran:

اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ اِخْوَةٌ فَأَصْلِحُواْ بَيْنَ اَخَوَيْكُمْ

hartosna mu’minun mah dulur sadayana oge, maka pek sing bisa silih omean, silih asah, silih asih silih asuh, anata dulur aranjeun.

Hidirin Rohimakumulloh….

Upami urang teu mampuh ngalaksanakeun Ibadah Haji taun ayeuna aya kesempatan ibadah anu sejen nyaeta ku mencit kurban, harga na teu pati mahal retalatip murah di bandingkeun munggah haji mah, manfa’atna ageung pisan nyaeta manpa’atna kangge ngabersihkeun diri pribadi tina dosa sareung tina akhlak anu goreng, sakumaha dauhan Kangjeung Nabi

مَا عَمِلَ اِبْنٌ فِى هَذَاالْيَوْمِ اَفْضَلَ مِنْ اِرَاقَةِ الدَّامِ

anu hartosna henteu aya hiji amal jalma dina ieu dinten idul adha anu langkung utama tibatan ngocorkeun getih nyaeta mencit kurban. malah sunat kajalma nu rek maksud kurban ti tanggal hiji dzul hijjah kurad kerud bulu, ulah ngeretan kuku samemeh mencit kurbanna, sangkan walatra magfiroh kana sakujur badanna oge saolah-olah nurutan jalma anu ihrom. jalma anu henteu mampuh kurban ku hayawan ulah leutik hareupan tiasa wae kurban ku harta kayaning ku sodakoh jariyah atawa infak pi sabilillah atawa ku hartana ku hartina ku pikiran pikeun kamaslahatan umat bantu anu butuh tulung anu bingung anteur anu keeung beberah anu susah di dasaran ku karena Alloh.

kubarokahna pangorbanna karuhun urang sadaya jihad dina nyebarkeun agama ti mimit wali songo anu da’wah tanpa pamrih oge para ulama di dukung ju’amma di dukung ku para agniyadi du’akeun ku pukqoro, sakumaha dauhan Rosululloh anu kieu hartosna “ ari nangtungna dunya eta ku pengorbanan opat golongan kahiji ku ilmuna ulama, kadua adilna para pamimpin katilu ku berehan nana anu beunghar ka opat ku do’ana jalam pakir,

Hidirin Rohimakumulloh….

Atuh kumaha pami jalmi henteu mampuh ibadah haji henteu mampuh kurban nah tong leutik hareupan ibadah dina bualan dzulhijjah tiasa diisi ku ibadah puasa sunat tanggal dalapan disebatna dinten tarwiyah, puasa tanggal salapan disebatna dinten arfah, komo upami puasana ti tanggal hiji dugi ka tanggal salapan eta apdol pisan, di akhiri ku sholat sunnat idil adha berjama’ah, jadi masih keneh terbuka ibadah anu sejen pami urang teu mampuh the, tegesna henteu aya istilah keur jalama teu boga mah ibadah the hese, emut dauhan Rosul anu hartosna kieu: “ sing saha jalama anu boga harta maka kudu sidkoh ku hartana, sareung saha jalam anu boga ilmu maka kudu sidkoh ku elmuna, saha jalama anu boga atanaga maka kudu sidkoh ku tanagana sareung saha jalma anu boga kakawasaan maka kudu sidkoh ku kakawasaan nana, jadi henteu aya alesan henteu daek berkorban pedah henetu boga sabab ngabelaan agama eta kawajiban urang sadayana.

Hidirin Rohimakumulloh….

Jadi kesimpulan nana bahwa urang hirup di dunya the kudu daek berkorban, berkorban kangge naon? berkorban kangge agama, agama naon? nyaeta agama islam, baik berkorban harta, atanapi tanaga pikiran elmu pokokna anu ku urang dipika mampuh eta kedah di korbankeun kangge kamajuan agama islam, sareng terjalin kokohna persatuan urang jeung urang selaku umat islam, ku kituna pamudah-pamudahan urang kenging rohmat sareng magfiroh Alloh swt amin…

Mung sakitu wae anu tiasa ku sim abdi dihaturkeun. Kirang sareng langkungna mah mangga weh jumlahkeun wae ku nyalira. Nyuhunkeun dihapunten upami seueur kalepatana pisan. Boh dina penyampaianana atanapi isina anu teu kahartos, anu teu nyambung sareng judulna. Margi mun sakitu bae pang tiasa abdi anu nuju diajar keneh. Kukituna abdi nyuhunkeun dimaklum wae kasadayana. Margi jalmi mah tempatna kaslahan jeung dosa, kumargi kitu bade ditutup wae ku sim abdi ku do’a :

ربّنا أتنا فى الدّنيا حسنة وفى الاخرة حسنة وقنا عذاب النّار. سبحان ربّك ربّ العزّة عمّا يصفون وسلام على المرسلين والحمد لله ربّ العالمين . اصيكم ونفسي بتقوى الله.

والسّلام عليكم ورحمة الله وبركاته

السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته

الحمدلله ربالعالمين وبه نستعين على مورالدنيا والدين وعلى اله وصحبه ورك وسلّم

وقال الله تعالى فى القرأن ا لكريم اعوذبالله من الشّيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم

فَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ # وَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ

وقال نبينا محمّد صلّى الله عليه وسلّم وقرأرسول الله صلى الله عليه وسلّم

وَالْمُهَاجِرُ مَنْ هَجَرَ مَانَهَى اللهُ عَنْهُ

Para Hadirin Rohimakumulloh…

Langkung tipayun hayu urang sami-sami nyicikeun puji anu paranti ka Allah anu maha suci, nyanggakeun puja anu biasa ka Dzat anu maha kawasa, sarta nyerenkeun syukur ka Dzat anu Maha Ghofur, anu parantos masihan ni’mat panjang umur, Alhamdulillah dina dangeut ayeuna urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah paamprok jonghok, riung mungpulung, bongkok ngaronjok di ieu haflah anu mubarokah, anu tujuanana teu aya sanes deui iwal ti seja ibadah, seja ngalaksanakeun parentahaNana jeung hoyong kenging karidhoanana.

Oge sholawat sinareng salamna mudah-mudahan Allah SWT ngalimpahkeun ka baginda tercinta, baginda termulya, pimpinan di atas pimpinan, pemimpin anu cinta umat, pemimpin anu cinta rakyat, Anjeuna pamimpin anu teu wantun ngaleueut hiji teguk cai, upama tukangeunana masih keneh aya rakyat anu kahausan, Anjeuna jalmi anu teu wantun tuang, lamun gigireunana aya keneh jalma anu kalaparan, nyatana baginda nabi besar Muhammad SAW.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

Urang sadayana parantos sami-sami terang yen tugas Nabi Muhammad Saw, ngemban agama islam the sanes padamelan anu enteng, margi kedah ngarobah sikap mental kapercayaan masyarakat tina kamusyrikan nyembah rupa-rupa sesembahan jadi nganut kapercayaan tauhid, nekadkeun kana hiji sareng nunggalna Zat Alloh ANu Ghaib, ngadangdosan tingkah laku masyarakat tina kadoliman supaya jadi masyarakat anu saroleh, ngagem akhlakul karimah ahlak anu hade cara mikir anu realistis, leupas tina katahayulan, katut kasasaran sejenna.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

Sakitu abotna tugas anu di emban ku Nabi Muhammad Saw, nalika Nabi nyebarkeun tauhid di kalangan musyrikin maranehan nana terus nentang luar biyasa naepi ka akhirna ngancam maehan ka kangjeng Nabi, saeutik pisan urang Qursy anu pindah agama kana Islam. Mangpirang-pirang kaum muslimin anu di aniyaya ku kaaum Musyrikin di baikot sagala rupa pangabutuhna, malah kungsi Kangjeung Nabi sareung para sahabatna diusir ka hiji legok anu henteu aya pisan pangiuhan heunteu aya tatangkalan sareung dahareun, nyaeta anu di sebut legok syi’ib.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

ku ayana da’wah islam di mekah seuseut pisan malah kenging tangtangan anu luar biyasa, Kangjeung Nabi kungsi ngawidian kapara sahabatna hijrah ngusngsi ka nagara Habsyi anu aya di wewengkon Benua Afrika beulah kaler anu di seuseupuhan ku Syadina Utsman bin Affan mantu Kangjeung Nabi.

Tapi di sagigireun eta kajadian teu weleh aya bae jalama anu di pasihan hidayah ku Gusti Alloh ti luar mekah, utamina ti Madinah anu darongkap ka Kangjeung Nabigeusan lebet agama Islam. samarulihna ka Madinah eta para sahabat terus ngayakeun da’wah ka tatanggana sehingga lambat laun tambih seueur.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

kacarioskeun dina mangsa 13 taun kaopt belasna Kangjeung Nbai oge dipiwarang hijrah ka Madinah ku Gusti Alloh sareng sadaya sahabatna. Aranjeunna hijrah ka Madinah ngantunkeun rumah tangga sareung harta bandana salian ti anu kacandak. tah kitu kekuatan iman aranjeun the.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

Numutkeun tafsir Ruhul bayan Juz 2 halaman 271 ieu ayat ngandung hartos yen:

1. sakur hijrah tegesna indit ti imah pikeun kepentingan agama sapertos nyiar elmu, mungah haji, jihad da’wah nyebarkeun agama , nyingkahana tempat anu henteu laluasa nyiar rejeki anu halal eta sadayana kalebet katagori hijrah.

2. sakur jalama anu hijrah kalawan maksud karena Alloh tangtu bakal pinanggih jeung kamajuan ngeunaan rejeki, pangaweruh jeung sajabana.

sareung dauhan Alloh

والذين امنوا وهاجروا وجاهدوا فى سبيل الله.......(الانفال)

Hartosna ari jalama anu ariman jeung halijran jeung ngalakonan jihad dina jalan Alloh jeung jalma –jalama anu mere tempat pindahna sarta mere pitulung ku ngayagikeun pasilitasna atanapi pangabutuhna ka anu hijrah tah eta kabeh jalma –jalma anu balener imanna. maranehan nana bakal meunang pangampura jeung rijki kani’matan anu mulya.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

Peryogi ka uninga yen hartosna hijrah ngandung kana 2 harti nyaeta, hijrah fisik (lahiriah) sareung fisikis (batiniah)

Hijrah Fisik nyaeta:

تَرْكُ الْوَطَنِ الَّذِيْ بَيْنَ الْكُفَّارِ وَاْلاِنْتِقَالُ اِلَى دَارِ اْلاِسْلاَمِ

hartosna ningalkeun kampungna anu aya di daerah kaum kapir ka tempat kaum muslim.

Hijrah Fisikis nyaeta hijrah sakumaha dauhan Kangjeung Nabi

وَالْمُهَاجِرُ مَنْ هَجَرَ مَانَهَى اللهُ عَنْهُ

Hartosna “Ari anu hijrah the nyaeta anu ningkahan cegahan Alloh”

Tegesna pindah tina asal sok ngedul ibadah jadi getol asal mabok-mabokan jadi tara, asal sok medit jadi berehan sareung sajabana.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

Sakumaha diterangkeun tadi yen Hijrah Fisik (lahiriah) the ngawengku kana ngantunkeun lembur rumah tangga geusan nyiar elmu, nyebarkeun agama, nyiar rejeki anu halal kalawan maksud karena Alloh, dijangjikeun ku Gusti Alloh ka jalam anu nglakonan nana bakal pinanggih sareng kabungahan, kauntungan anu seeur pisan.

memang nyata pisan upami jalma ngamalkeun kan hijriyah the bakal:

1. tambah kataqwaan ka Gusti Alloh

2. tambah elmu katut pangalaman

3. tambah kawawuhan sareng sobat-sobatna

4. tambah rejekina sareung pangaruhna

5. tambah kasono upami tepang sareng saderek atanapi kenalan lamina.

Para Hadirin Rohimakumulloh…

Minangka kasimpulan simkuring umajak kasadayana

1. ka sadyana kaum muslimin mangga urang ngalap hikmah tina mieling hijrah Nabi Muhammad Saw. ku cara ngayakeun kagiatan anu sakira nambihan kana sumebarna syiar Islam di tengah-tengah masyarakat urang sareng kasejahteraan masyarakat, khususna kaum muslimin sareng ngantunkeun kama’siyatan.

2. khususna ka para pamuda para nonoman supaya halijrah sakumaha maksud kasebat tadi ulah kurung batok, sing aremut yen alam dunya the lega saliar elmu ka mana bae anu sakira cocok sareng hate aran jeun, sebarkeun ajaran islam ka kaum muslimin anu masih keneh kakirangan pigureun. tuturkeun jalma-jalma anu transmigrasi mumule ajaran islamna.

Akhirna mangga urang ronjatkeun kataqwaan urang ka Gusti Alloh meungpeung urang sadaya masih keneh dipasihan waktos hirup sateuacanna dipundut ku Alloh kalawan hidayah sareng taupek.

شكرا كثيراعلى اهـتمامـكم

والله الموافق الى اقوام الطارق والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته

ketika kau tak sanggup melangkah

hilang arah dalam kesendirian tiada mentari bagai malam yang kelam tiada tempat untuk berlabuh

bertahan terus berharap Allah selalu di sisimu, Insya Allah…insya Allah… insya Allah ada jalan 2x

da'wah idul adha

السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته
بسم الله الرّحمن الرّحيم الحمدلله الذي ارسل رسوله بالهدى ودين الحق ليظهره على الدين كله ولوكره الكافرون اشهدان لااله الا الله وحده لا شريك له واشهد ان سيدنا محمداعبده ورسوله اللهم صل على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه اجمعين اما بعد

Puja anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka gusti ‘Azza Wajalla, anu parantos ngadamel alam dunya jeung eusi-eusina katut manusia, anu sapertos mang Jafra, anu kasepna kabina-bina, saperti tukang nangka, anu lir ibarat mutiara, anu turun ka alam dunya, kawas bidadara, anu henteu aya duana.
Atuh puji anu janten panghias ati urang sanggakeun kanu maha suci, anu parantos ngadamel langit sareng bumi, di darat atanapi di cai, saperti neng Suci anu gelisna kawanti-wanti, anu henteu aya nyaingi, anu saperti bidadari anu turun ti surgawi kanggo para santri, tapi lain kunti ih… ih… ih…
Atuh teu hilap sholawat sareng salamna urang limpahkeun ka baginda alam, revolusi Islam sedunia, pendobrak kebathilan dan kemungkaran, pembawa umat Islam dari jaman jahiliyah nuju kana jaman ilmiyah, tina jaman onta nuju kana jaman toyota, Yakni Habibana Wanabiyana Muhammad saw. Atuh teu hilap ka kulawargina atanapi The Big Familyna, sareng Shohabat-shohabatna, Tabi’in Ata’ Tabi’inna tur dugikeun ka urang sadayana anu turut ka mantenna. Sareng mudah-mudahan urang sadayana sing diangken umat kanjeng nabi, anu matak ngabageakeun kanjeng nabi lain umat anu matak ngisinkeun kanjeng nabi. Amin………
Almukarom, para kiayi, para ustadz, para ajengan, para sesepuh, mugia ku Allah dipanjangkeun umuna diberkahkeun rizkina di sehatkeun jasmani sareng rohanina Amiin. . Teu hilap ka aparatur pemerintahan wabil khusus ka bapak bupati anu amis budi tur bageur ati.
Dina kasempetan anu mulia ieu, urang sadayana tiasa bermuwajahah sareng anu ngangge kopeah, ngariung sareng anu ngangge tiung, pa amprok jonghok sareng anu ngangge anderok, patepang sareng anu ngangge sinjang, lurat-leret sareng anu ngangge kampret, tur tiasa ningali anteng ka payun sareng mubaligoh mudahan –mudahan kenging rohmat sareng magfiroh Alloh Amiiin.
Kalawan takdir sareng pangawasa dinu maha agung, izin dinu maha kawasa, sareng widi dinu maha mulya dina danget ieu urang sadayana tiasa ngariung mungpulung hempak merbayaksa, anceg pageuh tur istiqomah seja milari ridhona pangeran ku jalan milari elmu, anu insa Allah dina kasempatan ieu simkuring bade nyarioskeun sakeudik tentang sangkut paut anu patula-patali sareng DINTEN ‘IDIL ADHA :
Hidirin Rohimakumulloh….
DINTEN ‘IDIL ADHA mangrupakeun dinteun anu terjadi dina bulan Dzil Hijjah nyaeta bulan ka-12 dina taun Hijriyah, sasih pamungkas atanapi panungtung atanapi terakhir dina taun islam, dina ieu sasih Alloh SWT, marentah ka jalmi islam ngalaksanakeun mangrupa-rupa ibadah anu khusus kanggo nutup buku taun akhir ku amal perbuatan anu alus, anu mampuh sareung tinemu kana syaratna urang diparentah ku Alloh SWT, dina ieu sasih the ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh ngalaksanakeun rukun islam anu kalima, sanajan saumur hirup sakali.
Dina dinten ieu kaom muslimin sajagat buana tamplok ti suklak sikluk tepis wiring saalam dunya sanajan beda bangsa jeung bahasa budaya jeung warna kulit, status sosial jeung beda politik tapi dibeungkeut ku hiji aqidah agama dibimbing ku hiji Rosul, ngamalkeun hiji kitab suci, ibadah ka pangeran nu maha nunggal Alloh Robbul ‘Alamin, kumpul di mekkah di padang arafah, di mina, di mujdalifah, taqdis, tahmid, takbir, jeung talbiyah, nyambut ondangan pangeran nyaeta ngalaksanakeun ibadah haji, Hikmahna sangkan muslimin boga sarasa, sapenderitaan, ulah aing-aingan tapi kudu sakumaha dauhan pangeran:
اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ اِخْوَةٌ فَأَصْلِحُواْ بَيْنَ اَخَوَيْكُمْ
hartosna mu’minun mah dulur sadayana oge, maka pek sing bisa silih omean, silih asah, silih asih silih asuh, anata dulur aranjeun.
Hidirin Rohimakumulloh….
Upami urang teu mampuh ngalaksanakeun Ibadah Haji taun ayeuna aya kesempatan ibadah anu sejen nyaeta ku mencit kurban, harga na teu pati mahal retalatip murah di bandingkeun munggah haji mah, manfa’atna ageung pisan nyaeta manpa’atna kangge ngabersihkeun diri pribadi tina dosa sareung tina akhlak anu goreng, sakumaha dauhan Kangjeung Nabi
مَا عَمِلَ اِبْنٌ فِى هَذَاالْيَوْمِ اَفْضَلَ مِنْ اِرَاقَةِ الدَّامِ
anu hartosna henteu aya hiji amal jalma dina ieu dinten idul adha anu langkung utama tibatan ngocorkeun getih nyaeta mencit kurban. malah sunat kajalma nu rek maksud kurban ti tanggal hiji dzul hijjah kurad kerud bulu, ulah ngeretan kuku samemeh mencit kurbanna, sangkan walatra magfiroh kana sakujur badanna oge saolah-olah nurutan jalma anu ihrom. jalma anu henteu mampuh kurban ku hayawan ulah leutik hareupan tiasa wae kurban ku harta kayaning ku sodakoh jariyah atawa infak pi sabilillah atawa ku hartana ku hartina ku pikiran pikeun kamaslahatan umat bantu anu butuh tulung anu bingung anteur anu keeung beberah anu susah di dasaran ku karena Alloh.
kubarokahna pangorbanna karuhun urang sadaya jihad dina nyebarkeun agama ti mimit wali songo anu da’wah tanpa pamrih oge para ulama di dukung ju’amma di dukung ku para agniyadi du’akeun ku pukqoro, sakumaha dauhan Rosululloh anu kieu hartosna “ ari nangtungna dunya eta ku pengorbanan opat golongan kahiji ku ilmuna ulama, kadua adilna para pamimpin katilu ku berehan nana anu beunghar ka opat ku do’ana jalam pakir,
Hidirin Rohimakumulloh….
Atuh kumaha pami jalmi henteu mampuh ibadah haji henteu mampuh kurban nah tong leutik hareupan ibadah dina bualan dzulhijjah tiasa diisi ku ibadah puasa sunat tanggal dalapan disebatna dinten tarwiyah, puasa tanggal salapan disebatna dinten arfah, komo upami puasana ti tanggal hiji dugi ka tanggal salapan eta apdol pisan, di akhiri ku sholat sunnat idil adha berjama’ah, jadi masih keneh terbuka ibadah anu sejen pami urang teu mampuh the, tegesna henteu aya istilah keur jalama teu boga mah ibadah the hese, emut dauhan Rosul anu hartosna kieu: “ sing saha jalama anu boga harta maka kudu sidkoh ku hartana, sareung saha jalam anu boga ilmu maka kudu sidkoh ku elmuna, saha jalama anu boga atanaga maka kudu sidkoh ku tanagana sareung saha jalma anu boga kakawasaan maka kudu sidkoh ku kakawasaan nana, jadi henteu aya alesan henteu daek berkorban pedah henetu boga sabab ngabelaan agama eta kawajiban urang sadayana.
Hidirin Rohimakumulloh….
Jadi kesimpulan nana bahwa urang hirup di dunya the kudu daek berkorban, berkorban kangge naon? berkorban kangge agama, agama naon? nyaeta agama islam, baik berkorban harta, atanapi tanaga pikiran elmu pokokna anu ku urang dipika mampuh eta kedah di korbankeun kangge kamajuan agama islam, sareng terjalin kokohna persatuan urang jeung urang selaku umat islam, ku kituna pamudah-pamudahan urang kenging rohmat sareng magfiroh Alloh swt amin…
Mung sakitu wae anu tiasa ku sim abdi dihaturkeun. Kirang sareng langkungna mah mangga weh jumlahkeun wae ku nyalira. Nyuhunkeun dihapunten upami seueur kalepatana pisan. Boh dina penyampaianana atanapi isina anu teu kahartos, anu teu nyambung sareng judulna. Margi mun sakitu bae pang tiasa abdi anu nuju diajar keneh. Kukituna abdi nyuhunkeun dimaklum wae kasadayana. Margi jalmi mah tempatna kaslahan jeung dosa, kumargi kitu bade ditutup wae ku sim abdi ku do’a :

ربّنا أتنا فى الدّنيا حسنة وفى الاخرة حسنة وقنا عذاب النّار. سبحان ربّك ربّ العزّة عمّا يصفون وسلام على المرسلين والحمد لله ربّ العالمين . اصيكم ونفسي بتقوى الله.

والسّلام عليكم ورحمة الله وبركاته



















ketika kau tak sanggup melangkah
hilang arah dalam kesendirian tiada mentari bagai malam yang kelam tiada tempat untuk berlabuh
bertahan terus berharap Allah selalu di sisimu, Insya Allah…insya Allah… insya Allah ada jalan 2x

Kamis, 27 Oktober 2011

BERCERMIN DIRI


  

Sahabatku,

Dalam keseharian kehidupan ini, kita seringkali melakukan aktivitas bercermin. Tidak pernah bosan barang sekalipun padahal wajah yang kita tatap, itu-itu juga, aneh bukan?! Bahkan hampir pada setiap kesempatan yang memungkinkan, kita selalu menyempatkan diri untuk bercermin. Mengapa demikian? Sebabnya, kurang lebih karena kita ingin selalu berpenampilan baik, bahkan sempurna. Kita sangat tidak ingin berpenampilan mengecewakan, apalagi kusut dan acak-acakan tak karuan.

Hanya saja, jangan sampai terlena dan tertipu oleh topeng sendiri, sehingga kita tidak mengenal diri yang sebenarnya, terkecoh oleh penampilan luar. Oleh karena itu marilah kita jadikan saat bercermin tidak hanya topeng yang kita amat-amati, tapi yang terpenting adalah bagaimana isi dari topeng yang kita pakai ini. Yaitu diri kita sendiri.



Sahabatku,

Mulailah amati wajah kita seraya bertanya, "Apakah wajah ini yang kelak akan bercahaya bersinar indah di surga sana ataukah wajah ini yang akan hangus legam terbakar dalam bara jahannam?"

Lalu tatap mata kita, seraya bertanya, "Apakah mata ini  yang kelak dapat menatap penuh kelezatan dan kerinduan, menatap Allah yang Mahaagung, menatap keindahan surga, menatap Rasulullah, menatap para Nabi, menatap kekasih-kekasih Allah kelak? Ataukah mata ini yang akan terbeliak, melotot, menganga, terburai, meleleh ditusuk baja membara? Akankah mata terlibat maksiat ini akan menyelamatkan? Wahai mata apa gerangan yang kau tatap selama ini?"

Lalu tataplah mulut ini, "Apakah mulut ini yang di akhir hayat nanti dapat menyebut kalimat thayibah, 'laaillaahaillallaah', ataukah akan menjadi mulut berbusa yang akan menjulur dan di akhirat akan memakan buah zakum yang getir menghanguskan dan menghancurkan setiap usus serta menjadi peminum lahar dan nanah? Saking terlalu banyaknya dusta, ghibah, dan fitnah serta orang yang terluka dengan mulut kita ini!"

"Wahai mulut apa gerangan yang kau ucapkan? Betapa banyak dusta yang engkau ucapkan. Betapa banyak hati-hati yang remuk dengan pisau kata-katamu yang mengiris tajam? Betapa banyak kata-kata yang manis semanis madu palsu yang engkau ucapkan untuk menipu beberapa orang? Betapa jarangnya engkau jujur? Betapa jarangnya engkau menyebut nama Allah dengan tulus? Betapa jarangnya engkau syahdu memohon agar Allah mengampunimu?"



Sahabatku,

Tataplah diri kita dan tanyalah, "Hai kamu ini anak shaleh atau anak durjana? Apa saja yang telah kamu peras dari orang tuamu selama ini? Dan apa yang telah engkau berikan? Selain menyakiti, membebani, dan menyusahkannya?! Tidak tahukah engkau betapa sesungguhnya engkau adalah makhluk tiada tahu balas budi!"

"Wahai tubuh, apakah engkau yang kelak akan penuh cahaya, bersinar, bersukacita, bercengkrama di surga sana? Atau tubuh yang akan tercabik-cabik hancur mendidih di dalam lahar membara jahannam tanpa ampun dengan derita tiada akhir?"

"Wahai tubuh, berapa banyak maksiat yang engkau lakukan? Berapa banyak orang-orang yang engkau zhalimi dengan tubuhmu? Berapa banyak hamba-hamba Allah yang lemah yang engkau tindas dengan kekuatanmu? Berapa banyak perindu pertolonganmu yang engkau acuhkan tanpa peduli padahal engkau mampu? Berapa pula hak-hak yang engkau rampas?"

"Wahai tubuh, seperti apa gerangan isi hatimu? Apakah tubuhmu sebagus kata-katamu atau malah sekelam daki-daki yang melekat di tubuhmu? Apakah hatimu segagah ototmu atau selemah daun-daun yang mudah rontok? Apakah hatimu seindah penampilanmu atau malah sebusuk kotoran-kotoranmu?"



Sahabatku,

Ingatlah amal-amal kita, "Hai tubuh apakah kau ini makhluk mulia atau menjijikkan, berapa banyak aib-aib nista yang engkau sembunyikan dibalik penampilanmu ini? Apakah engkau ini dermawan atau si pelit yang menyebalkan? Berapa banyak uang yang engkau nafkahkan dan bandingkan dengan yang engkau gunakan untuk selera rendah hawa nafsumu"

"Apakah engkau ini shaleh atau shalehah seperti yang engkau tampakkan? Khusyu-kah shalatmu, zikirmu, do’amu, ...ikhlaskah engkau lakukan semua itu? Jujurlah hai tubuh yang malang! Ataukah menjadi makhluk riya tukang pamer!"

Sungguh  betapa beda antara yang nampak di cermin dengan apa yang tersembunyi. Betapa aku telah tertipu oleh topeng? Betapa yang kulihat selama ini hanyalah topeng, hanyalah seonggok sampah busuk yang terbungkus topeng-topeng duniawi!

Sahabat-sahabat sekalian,

Sesunguhnya saat bercermin adalah saat yang tepat agar kita dapat mengenal dan menangisi diri ini.***